DUKA NAON


Sanes hewa, Ngan kaliwat teuing ku sedih

Rasa anu tikapungkur dipikasieun 

Asa sorangan, teu Aya pikeun panyaluuhan

Teu Aya NU ngamanja, kudu mandiri, tong tergantung kasasaha,

teu Aya pikeun ngedalkeun kanalangsaan Jeung bangbaluh hate,

kudu dikemu sorangan, mending tutup mulut,bungkem 

 

Eta anu dipikasieun

Tapi kaayaan sapopoe selalu nyiptakeun sadaya rasa eta

Milari pelarian

Anu dirasa aman

Nyibukkeun perasaan

Sangkan poho kanyerian

Daripada ngumbar napsu durjana nu matak cilaka dunia aherat

Atawa hal makruh nu teu manfaat

 

Itung-itung bari ngalenyepan diri

Jaga isuk Komo engke dipajaratan

Moal Aya nu nulungan, Estu sorangan

Anak salaki moal nolih

 

Keun...

Kasedih bakal dikeukeupan ku sorangan

Da usaha mah moal kudu kumaha

Dikedalkeun ku mindeng

Tapi harepan kalah ngajauhan

Angger ku kasenangan sorangan

Komo deui teu dikedalkn

 

Duka prustasi

Duka naon namina

Nu jelas sieun nambahan katunggaraan

Sieun nambahan rasa nalangsa

Lamun cacak Aya indung

Hayang diusapan Sirah dugi ka tibra

Tibra salilana

Moal nyaring deui

Komentar

Postingan populer dari blog ini